Journey,  Story

tentang Sosok seorang Kakek.

Lagi, ini nemunya di komputer rumah. lebih baik diabadikan kan daripada terlewatkan begitu saja..perlu translate sunda tapi, hihi. 😉

RIWAYAT SINGKAT K.H. ABDURRAHMAN BIN MASHUR

Pikeun golongan angkatan 45 katut angkatan 60-an tau aya nu teu kenal ngaran Durahman atawa ki Durahman. Kitu jujuluk nu biasa disebutkeun kanggo K.H. Abdurrahman. Pikeun jalma-jalma anu sakurun atawa sahandapeunana, musti ngarti, di mana aya dedehem nu ngageleger, musti di dinya aya ki Durahman nu cek nu lamis mah beunang disebut yen ki Durahman the jalma nu dipake keringan lain bae ku saparakancanam samalah dipikasieun ku nu kaetung musuhna. Tentara di azaman 448 atawa zaman SOB, teu wani ngomong gagabah mun teu hayang nanggung resiko diwanian ku ki Durahman. Ki Durahman katelah kiai sesepuh nu jadi pamageuh dayeuh di zaman jalma-jalma sieun tur keueung mawa agama, sabab ki Durahman kaasup salah siji tunggul jeung jejegud agama Islam di pakidulan Kecamatan Ketanggungan. Di mana aya gerakan agama, mal saha deui pelopor utamana lamun lain ki Haji Abdurrahman bin Mansur.

Lahirna: teu aya data nu jelas ngeunaan soal tanggal bulan atawa poe genahna kalahiranana. Tapi miturut sumber otentik ti kanca nu saumur, ki Mihrad, nyaritakeun yen ki Durahman lahir cek anjeuna sorangan taun 1914. Jadi nepi ka maotna, juswana kaetang cekap, nyaeta sakitar 81 tahun. Lahir di desa Cikeusal Lor, tepatna di dukuh Campur. Ramana disebut ki Mangsur, anu nikah ka Ny. Surtimah putrina mbah Mangun. Mbah Mangun di kalangan rahayat awam katelah jama pinter, nu nyandang kaleuwihan ti jalma biasa. Buktina sok seueur tatamu nu seja sowan ngalap berkah bari menta saran jeung pitulungna. Sawareh ngaherankeun kana carita datangna mbah Mangun sabada dikuburna. Bukti kaetung jalma pinterna ketembong dina paninggalanana sabangsa alat-alat pusaka nu dipiara ku rakana Surtimah, Bapung Antareja. Bukti sejena, nyaeta zuhudna dina ibadah jeung ngadidik putrina dina kateguhan iman, nepi ka Surtimah jadi ibu nu mere sumanget ngahirupkeun hiji-hijina langgar (mushalla) di Dukuh Campur basa harita, nya ngan di dinya di tempat ki Mangun tea. Ku kamajuan otak jeung pagaulan dina hirup kumbuh sarta awasna narawang ka mangsa nu baris datang, anak lalakina tina jojodoan antara Mbah Mansur sareng Ema S urtimah, dimangkatkeun ka pondok guguru elmu agama jeung sajabana. Nyaeta Durahman leutik waktu harita. Kacerdasanana cukup mawa dirina tampil ka tengah kalangan balares. Penampilanana dina mangsa rumaja, kaasup nonoman perjaka nu narik para wanita, katambah ku pangaweruhna nu kaetung lumayan pikeun ukuran desa mah.

Dibandingkeun jeung kanca saangkatanana kaetung maju dina hal retorika jeung pangaruhna. Eukeur mah merceka otakna, jalmana ajeg dedeg pangadegna, lakuna jujur jeung lemah lembut perbawana. Sanajan ka anu sahandapeun sok tetep nyebut kaula, atawa teu ngalaman ngarendahkeun jenengan batur. Rupana anti nyebut ngaran batur teu make hormat teh. Kajaba kitu teu daekeun deui nyalukan ngaran lamun teu make ngaran lengkapna. Tapi lamun bicara pamadegan, yen eta cek panimuna bener jeung kudu kitu, rupana pantang nyerah. Nembongkeun kateguhan pamadeganana jeung wawanena dina negakkeun bener. Bukti nyatana dina pageuhna nyanggreudna hate ka ki Haji Adnan, nyaeta ma’lum tea berkat layeutna sumaduluran antara Mbah Mangun (oyona ki Durahman) sareng H. Adnan tina hubungan kaagamaan, nu mawa kana rajin sareng seregepna, tur teguhna pamadegan ki Durahman leutik waktu harita, unggal poe ti kawit yuswa 9 (salapan) taunan nepika yuswa 13 (tiluwelas taunan) sanajan bari isukna sakola di tingkat dasar (sakola rayat) keukeuh sorena, samalah sering nyantri kalong di Mbah H.Adnan. Cacakan pikirkeun, Dukuh Campur waktu harita nu budayana bisa kabayangkeun anjlogna tina darajat kaislaman, Durahman leutik geus teguh teu kabawakeun ku sakanca ulina.

Riwayat Pendidikan

Sakumaha manusa pada umumna teu kacaritakeun kaleuwihan kaistimewaan dina mangsa murangkalihna. Tapi siji kaleuwihan tina kaumuman budah mangsa harita, Durahman leutik geus wani sorangan teu kabawakeun ku batur ngaleukeunan elmu umum jeung agama. Ti kawit yuswa 9 taun namatkeun sakola sayat tingkat dasar tilku taun di VS atawa SR Cikeusal Lor Babakan, bari ngaji. Dua taun saterusna sakola lanjutan SR atawa VS di Banjarharja leuwih ti dua taun lamina. Dina yuswa sakitar 15 taun atawa mangsa rumaja, satamatna ti Banjar, kungsi mantuan ngawulang di SR Cikeusal, salami kirang langkung dua sasihan. Di antara muridna antawisna Mamang Durazak (Abdurrazaq), nu akhirna sasarengan di pondok Lumpur. Teu kungsi lawas, sabab ngarasa ditungtut ku kabutuh elmu, Durahman rumaja mangkat ka Sarajaya teu kurang ti dua taunan mondok ngeleukeunan agama Islam. Ti dinya ngalih ka Buntet, teu kurang ti dua taunan lamina. Sabada ngarengsekeun elmu dasarna ti Buntet, tuluy neruskeun ka Lumpur, ampir opat taun lamina. Padahal harita dunya masih rumit kaayaanana, sabab aya dina jajahan Walanda. Yuswa ki Abdurrahman rumaja harita aya kana 22 (dua likur) tauna, basa pananggalan Masehi nunjukeun taun 1936 M. Ngarasa geus cukup tur hasil pikeun sakadar nularkeun elmu jeung mekarkeun Islam di padesaan harita, Durahman rumaja wangsul ka kabiasaan sowan ka guru -ki H. Adnan- Durahman rumaja betah ninggalkeun desa asalna, bari etung-etung mekarkeun elmu, sabab memang waktu harita malah dibutuhkeun pisan, akhirna mantuan ki H. Adnan asal guruna. Di dinya tea Allah nunjemkeun riwayatna anu leuwih berbobot. Dasar Allah ngajodokeun putrina K.H. Adnan -guru asal ki Abdurrahman- akhirna Ny. Malihah nu harita kaleresan istilahna kaetung bentang nu kaleresan rangda kembang tur masih leutik -di bawah umur cek ayeuna mah- tuluy dipersunting ku jajaka Durahman. Tina pernikahanana diberekahan putra-putri nyaeta : H. Siti Aisyah, Hamim alias jenenganana Asroruddin nu jadi kiai jeung kuwu tea di Cikeusal Kidul, Humaidi nu mangku pancen di KUA Ketanggungan, Sa’adah, Masykur (almarhum), sareng pangbungsuna Alfiah.

Perjuanganana

Tina modal elmu jeung wawanen tur kalayeutanana dina ngaluwesan hirup kumbuh sapopoe, kajaba ti minangka petani, K. Abdurrahman oge jadi pedagang anu ulet, picontoeun anak putuna dina kadaekna jeung teu malesna dina gawe. Disagigireun kagiatan rumah tangga, K. Abdurrahman teu weleh leukeun mingpin kagiatan kaagamaan nu lumangsung di desa. Tangtuna sasarengan nu sanes, mung estuning komando utamana the teu aya nu lian ti K. Abdurrahman. NU -sabada ngagugulung Masyumi- dipingpin ampir salawasna, sampe para putrana jeung ponakanana bisa ngaganti. Ngahareupan tentara atawa musuh nu jadi lawan politik harita jadi pagawean rutina. Tuduhan kelompok DI jeung pangaco rayat, diherupan ku jawaban nu tegas, luwes tur ngaluluhkeun lawan. Kapamingpinan K. Abdurrahman dipake keringan nu lawan atawa kawan. Tegas tapi luwes, tur seueur berkorban demi kemajuan kaagamaan, komo dina mangsa kaayaan ekonomina kaetung jembar mah. K. Abdurrahman aktip ngabantu kagiatan pamarentah saperti dina widang kooperasi jeung pertanian nu direncanakeun ku program pamarentah. Dina tatagan kemajuan kependidikan, teu saeutik gerkana dina ngadeudeul majuna Madrasah di desa. Lamun aya kagiatan kaagamaan dina zaman Nasakom harita, pusat tempatna lain di mana-mana, tapi do rompokna, atawa buruanana. Jasana nu patut diemut, dina sabarna tur tabahna ngalindungan nu laleutik tina perkara urusan kaagamaan sawaktu-waktu aya karusuhan nu ngagenjlongkeun kaayaan rahayat. K. Abdurrahman ngalengkepan namina ku haji, taun 1988, sabada sioperasi ringan hernia di Slawi Tegal. Abdurrahman lengkap dina yuswa 74 taunan, jadi Kiai Haji Abdurrahman.

Peristiwa Penting Jeung Akhlak Pituladna

K. H. Abdurrahman ngulik elmu ti bubudah nepi ka mangsa rumaja, salami 13 taun. Ti kawit yuswa 9 taun nepi ka yuswa 22 taun. Dina yuswa 23 taun, alias taun 1973 nikah sareng Ny. Malihah. Tekunna dina kerja kaetung kerja keras nu patut dipitulad. Harepanana teu pondok. Dina nu nyorenakeun masih daek barang pelak pikeun petikeun anak incuna. Omongna sakedik, tapi wibawa. Tara heureuy, tara cempal guyon, tara ngabobodo, teu sulaya jangji, teu daek pipilueun dina hal nu mubadzir. Ulina mikir, heureuyna ngaderes qur’an, hiburanana dzikir, teu kararik ku kaulinan sabangsa remi atawa gaplekan jeung sabangsana. Kuring nu nulis ieu carita nyata alias riwayat, babarengan ti kawit taun 1975 nepi ka Pebruari 1995, (Januari 1975 – Pebruari 1995), teu pernah adu omong atawa diheurasan ku omong. Salawasna alus tur nyasar perasaan batur. Lamun isuk-isuk rek sarapan, musti kakuping basmalahna, sarengsena musti kadangu hamdalahna. Omonganana ampir bisa disebut selalu muji jeung dzikir ka Allah SWT. Ari nyalukan ka anggota kaluarga najan ka barudak leutik sok alus tara ambek. Kitu dina saat-saat samemeh keulat panyakit darah tinggi, nu ngakibatkeun titirah ka Ceu Isah. Nu istimewa teu ngalaman ngaraas jeung ngomongkeun batur, tapi haying selalu bisa mengikuti perkembangan zaman. Tunya-tanya kaayaan eta memang penggantina tina ngomong nu taya guna. K.H. Abdurrahman heman ka kabeh incuna. Haying mere kalawan adil ka anak-anakna. Tapi pantang nyusahkeun atawa ngarerepot najan ka anakna sorangan. Eta nu jadi lantaran perobahanana pikiran sareng sifatna, lantaran hal eta teu kadeudeul ku kaayaan nu mendukung pikeun bersikap ajeg salawasna, komo saparantos bibi Malihah angkat haji taun 1992. Hiburan menjelang akhir hayatna nyaeta seneng maca.

Hiji hal nu hese diturutanana nyaeta nyaringna dina mangsa shalat wengi. Ampir langgeng dina kaayaan sehatna, jadi jalma anu pangheulana kaluar ti rompok. Jam tilu kadang leuwih tos susuci abdas. Nepi ka subuh meh dongkap, teu naon bae diwiridkeun, nu biasana dikawiran ku shalat lael heula. Tara sare sabada subuh, unggal dintena teu aya ayat qur’an nu teu diaos, sanajan sasurat atawa satengah surat paranjang atawa sababaraha ayat. Dina yuswa nu meh surup, masih malah leukeun ngapalkeun surat-surat qur’an. Langganan wengi jumaah, pasti surat Kahfi, Yasin, jeung kadang surat Waqi’ah. Tapi dina sakieu sasihna pasti ngakhatamkeun qur’an nu diaos rutin unggal dinten.

K.H. Abdurrahman tara natangga lamun teu aya penting atawa nyumponan undangan. Sering wajtu-wajtu senggangna dieusi ku sila ngiblat sinuku tunggal, bari gegeber ku hihid, ngadzikirkeun naon bae tina kalimah thayyibah. Teu sangguh kuring nandinganana, lamun diajak tanding perkara kitu. Estuning teu aya cawadeunana tina perkara kaleukeuna dina ibadah, kazuhudna dina milih amalan akherat, kasabarna dina puasa, sabab lain sakadar nyenen kemis bae, samalah leuwih ti eta. Perlu disadaran, yen Bapa KH. Abdurrahman sering puasa lantaran prihatin ku kayaan anak incuna. Sing ditiru ku sarerea, yen nyaahna ka anak incu, Bapa KH. Abdurrahman sering ceurik bari mondah ka nu kawasa. Padomanana, Bapa lain ngurusanan bapa sorangan tapi rela rakasa pikeun kabageaan anak incu. Kadang-kadang ngalengis ngagesruk ceurik bari dipanon balilihan lantaran nguping beja nu nyenengkeun atina tina parkara kasuksesan anak incuna. Nu hese ditiru, KH. Abdurrahman langgeng wudlu samemeh datang waktu lamun keur aya di rompok, ngajaga shalat jama’ah boh di masjid atawa terkadang di rompok saumpama tas leuleumpangan. Ngajaga tina jajan atawa dahar di luar, lantaran ngajaga kahalalan, iwal saat musafir. Insya Allah anjeuna kalebet saleh, zuhud, wara, ngajaga muruah, sabar dina ibadah.

Siji hal anu kudu dikanyahoan ku anak incu, nyaeta Bapa KH. Abdurrahman hayang nyawang ti alam kahiyangan nyaksikeun anak-incuna jadi jalma nu sholeh, sukses dunia jeung kaur akherat.

Detik-detik Samemeh Ajal

Saparntosna dilaksanakeun ngaji Yasin lima wengi, kawit wengi senen nepi wengi juma’ah, dinten juma’ahna ampir sadayana kajongjonan ku kasibukan masing-masing, sanajan harita tetep aya nu piket. Sabada shalat ashar, sarengse nulis, kuring ka tempat Bapa, sakumaha biasa, nempo kaayaanana. Sababaraha poe memang mindeng ku kamelang. Alamat ilham dina impen ngabejaan deukeut ajal pun mamang alias Bapa KH. Abdurrahman. Waktu-waktu tertentu kuring sering nyuruh mimihna budak nempoan bapa, terutama samemeh wanci akhir dluha, atawa samemeh jam dua belas wengi. Lantaran aya rarasaan yen bapa baris digarotong ka makam teh menjelang tabuh 12. Tapi dasar manusa teu terang kapastian siang wengina. Karuhan ari jalmi mah mindeng aya anu ngalongok bapak the. Teu anakna, teu incuna, malah kaponakanana nya aya oge.

Kaleresan waktu harita saderek Saiyah b. Caris -adi Bapa- diteang keur nungguan mamang lantaran bapa (mamang) kunsi siji waktu ngageroan -nyalukan- Caris-carisan, harita keur nungguan sareng Ema Malihah. Samemeh maghrib kuring nempo yen Bapa pirasatna sejen. Kuring ngelingan bapa, tapi bapa tos teu wasa ngajawab. Panona peureum, letahna heuras, sungutna bengo saeutik, tur ratugna jajantung teu normal. Sampeanana -suku- geus kosong, bujal geus ratug, ari cahaya aya mancur dasar kesang kasorot ku cahaya, di sagigireun mrihatinkeun lantaran cipanon nu merebey lamun panon diusap teh. Asad nu harita kadinya, ditugaskeun ngumpulkeun kabeh anakna. Leng ka Ketanggungan -sabada ngabejaan nu dareukeut- babay dikusruk tina motor boncengan jeung si Alek.

Atuh sarerea meh maghrib the karumpul, sabisa-bisa mondah ngarah Bapa dientengkeun dina sakarat maut tea. Allah tacan marengkeun Malaikat nyabut nyawana. Kaayaan kitu mrihatinkeun nepi ka dongkapna dinten Saptu enjing. Kuring, sabada wiridan, buru-buru ngilikan kaayaan bapa, sabab wengina sonten keneh tos sare lantaran teu sanggup ku paregelna awak. Kuring rarasaan diyakinkeun yen ajal Bapa geus deukeut. Pruk isuk-isuk saptu antara jam genep teh maca Yasin, disusul ku kang Humed. Tapi bapa masih rosa napasna. Kayakinan ajal mantep sabada nempo bapa naja ngarenghap pisan tur siga beurat. Mingna embar alus kuring ka nu aya didinya, kuring alesan bade ngumpulkeun kai kanggo keteb sareng kaen kanggo layon. Memang teu nyaho pasti tapi siga aya kayakinan yen dinten saptu -samalah ti wiwit ngaji Yasin pertama- Insya Allah Bapa baris mulih ka Jati mulang ka asal, madep ka Allah Rabbul ‘Izzati. Harepan kuring, nu di bale marindah ka pipir Bapa kanggo maca Yasin, sabab kuring ngajak ki Tolib sengaja mersiapkeun keteb sareng kaen lurub.

Can kungsi kakumpulkeun kabeh, ki Mu’i muru mawa beja yen bapa tos teu aya. Sarerea sedih, tapi syukur sabab Allah geus ngaringankeun penderitaan anu nyawang. Insya Allah Bapa mulang ka pangersa Allah ta’ala mawa kaikhlasan amal sareng tangtayung rahmat-Na. Sakintena terang manusa tangtu mastikeun sagalana. Dasar kalemahanana, manusa tuluy rumpu rampa mapag jeung mapay kawasa sareng kakersa Allah. Duh Gusti tampi eta iman Islam Bapa. Sing genah rahmat Anjeun ka kocorkeun ka hamba-Na. KH. Abdurrahman, nu jadi ketineung kami lantaran kasolehanana. Menjelang tabuh dua belas siang, tepatna tabuh 6.40 menitan, anjeuna dipupul bayu karahmatanna Allah, sakiter tabuh 12 siang anjeuna Insya Allah kasumpul sareng arwah para muslimin mu’minin di alamna, kaetang sareng pun mamang kuring Zeinuri, sabab siji ilham ngayakinkeun kuring yen urang nu aya di alam lahir bisa hubungan sareng aranjeuna nu aya di alam arwah barzakh. Duh Gusti Allah nu Rahman Rahim, rahmatan sarerea sepuh kuring, Amin Ya Rabbal ‘Alamin.

Saptu pon pasosore,

Leave a Reply

Your email address will not be published. Required fields are marked *

error: Content is protected !!